Numutkeun data tina Wikipédia Ensiklopedi Bebas, Sajarah Cianjur mangrupakeun carita sajarah nu bisa dijujut dumasar kana sababaraha sumber, sawaréh mangrupakeun carita hasil tina panalungtikan sajarah, sabagean deui mangrupa carita rahayat nu sumebar di wewengkon Cianjur jeung wewengkon lianna di Tatar Sunda, eusina ngeunaan asal mula jeung kamekaran Cianjur bihari nepi ka kiwari.Cianjur numutkeun carita-carita ti kolot, wewengkon Cianjur bihari kaasup ka wilayah Karajaan Pajajaran.
Taun 1529 Talaga direbut ku Cirebon ti nagara Pajajaran, dina raraga nyebarkeun agama Islam. Ti harita rahayat Talaga loba nu ngagem agama Islam, tapi raja-rajana mah ngagem kénéh agama karuhunna, nya éta agama Hindu.
Sunan Ciburang boga anak Aria Wangsa Goparana. Aria Wangsa Goparana téh nu mimiti asup Islam di antara kulawargana. Ku sabab teu disatujuan ku nu jadi kolot, kapaksa Aria Wangsa Goparana ninggalkeun karaton Talaga tuluy indit ka Sagarahérang. Di dieu Aria Wangsa Goparana ngadegkeun nagari (sansekerta = Desa, Belanda = negorij). Aria Wangsa Goparana miboga tujuh seuweu. Aria Wangsa Goparana satuluyna nurunkeun katurunan nu mibanda gelar Wira Tanu jeung Wira Tanu Datar sarta rundayanana.
Karajaan Pajajaran runtuh taun 1579/1580 ku kakuatan Banten alatan nyebarkeun agama Islam. Tuluy wilayah Pajajaran hampir kabéh aya dina kakawasaan Mataram, ka asup Cianjur. (Bupati di Priangan, 2004 : 21)
Dina taun 1677 tanggal 12 Juli anak nu ka-hiji Aria Wangsa Goparana, Djayasasana, geus sawawa ninggalkeun Sagarahérang pikeun mertahankeun daérah Cimapag lantaran paréntah ti Mataram. Patali jeung VOC nu remen ménta bantuan ka Sultan Mataram Amangkurat I. Tapi Amangkurat I ngarasa kawalahan ku paménta VOC nu hayoh-hayohan, nu balukarna manéhna kudu ninggalkeun karaton dina tanggal 2 Juli 1677.
Tina kajadian éta hartina Cianjur leupas tina wilayah kawasaan Mataram. Informasi ieu nepi ka daérah Cianjur sapuluh poé ti harita, nya éta tanggal 12 Juli 1677 M. Lantaran éta, kukituna tanggal 12 Juli 1677 M dijadikeun poé lahirna Cianjur. R.A Wira Tanu I ditetepkeun salaku Bupati munggaran nu mingpin tatar Cianjur taun 1677-1691.
Numutkeun data hasil panalungtikan naskah kuno nétélakeun yén harita pamakéan ngaran Cianjur can aya, tapi karék kapaluruh dina surat Bupati Sumedang ka VOC (D.20 Januari 1678). Pamanggih de Haan kurang leuwih jiga kieu: “Pemberian tahu yang pertama kali tentang Cianjur adalah D.20 Januari 1678 dalam surat bupati Sumedang: Mereka dari Cirebon telah menduduki pegunungan Cimapag dan pegunungan Cianjur…….”
(http://su.wikipedia.org/wiki/Sajarah_Cianjur)
Tapi can tangtu ti saméméh harita Cianjur can ngadeg, bisa waé pihak Walanda nu mémang karak nyaho kana pamakéan ngaran Cianjur ieu.
Daérah Cianjur ieu mangrupa hiji kumpulan masarakat anu dina basa walanda disebutna volkgemeenschap kalayan Djayasasana minangka pingpinanana.Wira Tanu disebut ogé Dalem (regent) dumasar kana jumlah masarakat nu dipingpinna. Éta hal ditétélakeun dina 24 Januari 1680, jadi saméméhna ogé Wira Tanu téh geus mingpin “regentschap” atawa negorij (satuan wilayah satingkat pedaleman atawa kabupatén). Sedengkeun Cikundul daérah Djayasana / Dalem Wira Tanu disebut sub negorij.
Perlu ditandeskeun, yén mangsa harita kakawasaan wira Tanu diangkat sacara sosial ku masarakatna, jadi moal aya bungkeuleukan surat kaputusana, upamana ti pihak VOC atawa Mataram. Kakawasaan Wira Tanu harita ngawengku 14 Negorij nu biasa disebut umbul atawa cutak. Ku kituna, turunan Wira Tanu nu ka hiji (Wira Tanu II) satuluyna jadi ahli waris dalem anu ka-dua
Taun 1691 Aria Wira Tanu II ninggalkeun Cikundul. Pindahna téh ka daérah saparat walungan nu aya di Cianjur, néangan jeung muka lahan pikeun rahayatna. Ieu tempat téh dingaranan kampung Pamoyanan, anu kaasup kana sub-negorij Cianjur. Ku Wira Tanu II kampung Pamoyanan téh dijieun Puseur Dayeuh Cianjur.
Ku naon bet dipindahkeun hal éta patali jeung ayana kasapukan jeung Adolf Winckler. Alasan séjén Aria Wira Tanu II gé teu ngarasa bébas. Tur menéhna meunang wangsit nu kurang leuwih nétélakeun lamun hayang karaharjaan jeung kadigjayaan, sakuduna manéhna ngadegkeun karajaan di belah kidul-kulon ti Cibalagung, deukeut walungan Cianjur, éta mangrupa tempat nu hadé pikeun ngadegkeun karajaan. Antukna Wira Tanu II pindah ka Pamoyanan anu satuluyna jadi Puseur dayeuh “Regenschap” Cianjur.
Dalem Aria Wira Tanu II tilar dunya (R. 12 April 1707), digantikeun ku putra kahijina Astramanggala anu diangkat jadi “Regent” ku VOC kalayan gelar Wira Tanu III (Dalem Dicondre). Sanggeusna diangkat, Wira Tanu III pindah ti kampung Pamoyanan ka kampung Cianjur, anu kaayaanana mangsa haritra leuwih maju tinimbang Pamoyanan. Sok sanajan jarak dua kampung éta diwilang deukeut, tapi kahalang kénéh ku leuweung jeung walungan. Ku kituna, nu ngadegkeun kota Cianjur téh lain Wira Tanu II, tapi Wira Tanu III. Konsekuensi séjénna yén kota Cianjur téh dijieun Puseur dayeuh taun 1707. Ieu hal téh lumangsung nalika VOC geus ngajajah Cianjur sacara ‘de facto’ jeung ‘de jure’. Nu matak Aria Wira Tanu III mah diangkat ku VOC, sedengkeun Aria Wira Tanu II mah ukur dikukuhkeun hungkul.
Wira Tanu III ménta ka VOC supaya Citarum dijadikeun wates Cianjur. Ieu hal téh ngandung harti, yén satengahna Bandung jeung Karawang, sarta saparapat ti Parakanmuncang bakal asup ka wewengkon Cianjur.
Wira Tanu III keukeuh sangkan wates Cianjur jeung Kampung Baru, Karawang, Bandung jeung Parakanmuncang ditangtukeun. Ieu hal téh bakal ngabalukarkeun daérah tatangga bakal ngurangan. Dina taun 1724 sabagian wilayah Kampung Baru jeung Sagara Kidul asup ka Cianjur; Jampang mah geus ti heula asup ka Cianjur (1715)
Wira Tanu III tilar dunya dina taun 1726 alatan dicondre, kusabab kitu Wira Tanu III sok disebut Dalem Dicondre. Aya sababaraha versi nu jadi alesan dicondrena Wira Tanu III téh, aya nu matalikeun jeung kultur kopi jeung aya ogé anu matalikeun jeung pasualan wanoja ti Cikembar nu geus boga beubeureuh. Kakawasaan Wira Tanu di Cianjur nya éta nepika Wira Tanu Datar VI atawa Dalem Enoh anu jadi bupati Cianjur pamungkas nu miboga gelar Wira Tanu Datar. ("http://su.wikipedia.org/wiki/Sajarah_Cianjur")
Dayeuh Cianjur jadi Kota Kerésidenan Priangan dina mangsa pamaréntahan Radén Kusumadiningrat (Dalem Pancaniti 1834-1862) miboga wilayah ngawengku Palabuan Ratu beulah kulon, Walungan Citanduy watesna Gunung Halimun, Mega Mendung, Tangkuban Parahu beulah wétan, sarta Samudera Indonesia beulah kidulna. Tuluy dina mangsa pamaréntahan R.A.A Prawiradiredja II (1862-1910), daérah Cianjur ngalaman parobahan jadi Cikole beulah kulon (Sukabumi kiwari), Bandung jeung Tasikmalaya jeung Puseur Dayeuh Kerésidenan dipindahkeun ka Bandung.
Kebon karét jeung entéh mangrupa balukar tina sistem tanam paksa (cultur stelsel). Kebon-kebon éta mangrupa tempat reureuh pikeun asistén résiden jeung urang Walanda nu nganjrék di Cianjur sarta ilaharna nyieun imah di daérah Cipanas-Puncak.
Kecap Cianjur numutkeun carita ra’yat nu sumebar sacara étimologis diwangun ku dua kecap, ci asalna cai tina Basa Sunda jeung anjuran tina Basa Indonesia nu hartina amanat atawa papatah. Cai di dieu patali jeung carita nu sumebar di masarakat Cianjur, yén dina jaman baheula masarakat Cianjur salamet tiana caah cai lantaran tumut kana papatah (anjuran) hiji jajaka. Nu ahirna mah jadi pamingpin nu nganteurkeun Cianjur kana kaayaan subur jeung ma’mur.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar